Pupuh Sunda

Minggu, 29 September 2013

Pupuh Sunda

Pupuh Sunda aya 17
1. Asmarandana
2. Balakbak
3. Dangdanggula
4. Durma
5. Gambuh
6. Gurisa
7. Juru Demung
8. Kinanti
9. Lambang
10. Magatru
11. Maskumambang
12. Mijil
13. Pucung
14. Pangkur
15. Wirangrong
16. Sinom
17. Ladrang
Dina pupuh dikenal istilah Padalisan, Pada, Guru Wilangan jeung Guru Lagu. Padalisan nyaeta jajar atawa baris, kumpulan padalisan nu ngawangun hiji pupuh disebut pada. Guru wilangan nyaeta jumlah enggang (suku kata) per padalisan (jajar). Ari guru lagu nyaeta sora vokal anu nungtungan padalisan contona:
eling eling murang kalih, Guru Wilanganna aya 8 sedeng Guru Laguna 1.

Éling-éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Conto pupuh asmarandana di luhur disebut sapada nu diwangun ku tujuh padalisan.

Pupuh dina kasenian sunda kabagi kana dua: nyaeta sekar ageung jeung sekar alit. Sekar ageung maksudna bisa ditembangkan ku sawatara wanda tembang, sedeng  sekar alit ngan bisa ditembangkeun ku sawanda tembang, jadi sifatna baku. Nu kaasup kana sekar ageung nyaeta Asmarandana, Sinom, Kinanti jeung Dangdanggula. Sesana nu 13 belas deui nya sekar alit.

Ari fungsi pupuh nyaeta pikeun nepikeun carita atawa pesen. Pupuh digunakeun dina wawacan atawa guguritan.Conto nu sohor nyaeta Wawacan Babad Mahabarata jeung Wawacan Umar Maya. Jaman baheula buku masih keneh jarang, jadi hiji buku dibacakeun ku saurang, didengekeun ku balarea. Ngarah geunah kadanguna nya make wanda pupuh.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar