Pupuh Sunda

Conto

 1. ASMARANDANA
Pupuh Asmarandana ngagambarkeun papatah, kanyaah, birahi, tresna jeung sajabana nu sifatna melankolis.
Diwangun ku 7 padalisan nu guru wilangan jeung guru laguna 8/i, 8/a, 8/o/e, 8/i/a, 7/i/a, 8/u jeung 8/a.
Conto Asmarandana nu pangkakoncarana:
Eling eling murangkalih
Kudu apik jeung berseka
Ulah odoh ka pangango
Mun kotor gewat sesehan
Soweh geuwat kaputan
Kanu buruk masing butuh
Kanu anyar masing lebar

 2. BALAKBAK
Watekna heureuy atawa bobodoran guru wilangan jeung guru laguna 15e, 15e & 15e

Aya warung sisi jalan rame pisan, Citameng
Awewena luas luis los ka dapur, ngagoreng
Lalakina, lalakina los ka pipir nyoo monyet, nyanggereng

3. DANGDANGGULA
Ngagambarkeun kaendahan, katingtriman, kabungah, katineung jeung ngawawaas. 10i, 10a, 8e/o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i jeung 7a.

Mega beureum, surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos, gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina

4. DURMA
Ngagambarkeun amarah, sumanget atawa kaayaan perang
12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Moal niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

5. GAMBUH
Ngagambarkeun kasusah, kasedih, kanyeri atawa kabingung. 7u, 10i, 12i, jeung 8o.

Ngahuleung banget bingung
Heunteu terang ka mana rek indit
Turug-turug harita teh eunggeus burit
Keueung sieun aya meong

6. GURISA
Watekna guyon atawa bobodoran. 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a jeung 8a.

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih kanu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan heunteu meunang
Moal buru-buru mulang
Rek terus diajar nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

7. JURU DEMUNG
Watekna kanyataan atawa realitas hirup, kadang kasusah, kadang oge ngandung papatah.
8a, 8u, 8u, 6i, 4i, 6i, 8a jeung 8u

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Geus pinasti
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

8. KINANTI
Kinanti watekna pangharepan, kanyaah, ngawawaas, katineung jeung kamelang sering dipake pikeun narasi atawa deskripsi. Sapada diwangun ku 6 padalisan.
Guru wilangan jeung guru laguna 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i.
Contona:
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon wae nu kapanggih

9. LAMBANG
Watek ngagambarkeun guyon, pangalaman pait, ngerakeun atawa pikaseurieun. Guru wilangan jeung laguna 8a, 8a, 8a jeung 8a. Sapada diwangun ku 4 padalisan tapi dua padalisan mimiti kadang sok diulang deui jadi 6 padalisan.

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
(Nawu kubang sisi tegal)
(Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal

10. MAGATRU
Watekna rupa-rupa siga kinanti, katambah ku kasedih. Seringna dipake pikeun narasi atawa deskripsi. Condong kana perkara nu netral. 12u, 8i, 8u, 8i jeung 8o.

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari
Cicalengka, Ujungberung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong

11. MASKUMAMBANG
Ngagambarkeun kasusah, kasedih, kaera jeung papatah. 12i, 6a, 8i jeung 8a.

He manusa, mana kaniaya teuing
Teu aya rasrasan
Kaula make disumpit
Naha naon dosa kula

12. MIJIL
Ngagambarkeun kasusah atawa pangharepan.
10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u

Mesat ngapung, putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila, beuki luhur wae
Larak lirik ningali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu

13. PUCUNG
Pucung ngagambarkeun nasehat. Guru lagu jeung wilanganna 12u, 6a, 8e/i jeung12a.

Utamana jalma kudu rea batur
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma

14. PANGKUR
Pangkur watekna amarah, kakesel. Sering dipake ngangambarkeun kajahatan atawa kagagahan.
8a, 11i, 8u, 7a, 12u, 8a jeung 8i.

Bapa Doblang pada terang
Kumis baplang nuruban biwir nu jeding
Pipi kemong irung mancung
Panon buringas heurang
Goreng omong gawang geuweung harung gampung
Pantrang mayar kana hutang
Licik sarta sok curaling

16. SINOM
Watek kaendahan, kagumbiraan, kadeudeuh. 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 8a, 8i, 12a.

Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna rengganis ningali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing sisi balungbang

15. WIRANGRONG
Watek siga Pucung ngagambarkeun nasehat, tapi kadang ngagambarkeun kaera. 8i, 8o, 8u, 8i 8a jeung 8a.

Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeuleun sarerea
Modal bakti ka nagara



17. LADRANG
Watekna guyon atawa pikaseurieun. 10i, 4a, 8i, 12a

Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah


1 komentar: